Milangkala 387 Kabupaten Karawang

Foto untuk : Milangkala 387 Kabupaten Karawang

Sampurasun

Dina milangkalana Kabupaten Karawang nu ka 387, pihak pamarentahan Kabupaten Karawang ngusungkeun tema nyaeta “Rempug Jukung Sabilulungan Ngawangun Kota Pangkal Perjuangan.” Mun dihartoskeun ka Bahasa Indonesia nyaeta: Agar semua pihak di lingkungan Kabupaten Karawang harus dan mau untuk bekerja sama membangun Kota Pangkal Perjuangan (julukan Karawang) lebih baik lagi.

Tangtosna, eta tema teh sanes sabatas jargon hungkul. Tapina, jadi kawajiban sareng amanah ka sadaya masyarakat Karawang. Mugia, anu dipikahareup ku arurang Karawang, pikeun Kabupaten Karawang teh jadi wilayah anu makmur tur sejahtera, tiasa dirasakeun mangfaatna ku sererea masyarakatna.

Pihak pamarentahan Kabupaten Karawang, ngarancang agendana pelaksana milangkala ayeuna janten tambih sadarhana. Sapertos, ngayakeun do’a sasarengan di Masjid Agung Syekh Quro kaping 12 September 2020 kamari. Kusabab, parantos arapal ku salerea nyaeta masih ayana kasus Covid-19 di sabagian wilayah di Kabupaten Karawang.

Wilujeung milangkala ka 387 Kabupaten Karawang,

Rempug Jukung Sabilulungan Ngawangun Kota Pangkal Perjuangan.

PPDB
Aplikasi CBT
RDM

Ke Atas